1.
Adat
kakurung ku iga
Hartina = Adat atawa kabiasaan anu
geus hese dipiceunna.
2.
Mihap
hayam ka heulang
Hartina = Mihape atawa titip barang
ka nu geus kanyahoan teu jujur.
3.
Kokoro
manggih Mulud, puasa manggih Lebaran
Hartina = Mang pang meungpeung.
4.
lwak
nangtang sujen.
Hartina = Wani nyorang pibahayaeun.
5.
Hulu
gundul dihihidan.
Hartina = Nu keur untung tambah
untung.
6.
Buruk-buruk papan jati
Hartina = Goreng-goreng oge dulur
sorangan moal ngantep lamun meunang kasusah.
7.
Awewe dulang tinade
Hartina = Istrimah kudu nurut kasalaki
8.
Deukeut-deukeut anak taleus
Hartina = Deukeut tapi euweuh nu
nyahoeun
9.
Dihin pinasti anyar pinanggih
Hartina = Takdir tos ditangtukeun
ku Alloh
10.
Gede gunung pananggeuhan
Hartina = Boga andelan dulur beunghar.
11.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Hartina = Kahadean anu mangtaun-taun
leungit kusakali kagorengan.
12.
Kawas bueuk meunang mabuk
Hartina = ngeluk tayatangan pangawasa
13. Katempuhan buntut maung
Hartina = batur anu boga dosana,
urang anu katempuhanana.
14.
Ayakan mah tara meunang kancra
Hartina = Usaha ku modal leutik,
hasilna oge bakal gede.
15.
Mapatahan
ngojay ka meri
Hartina = Mapatahan ka jalema anu
leuwih loba kanyahona jeung pangalamanna.
16. Uyah mah tara tees ka luhur
Hartina = Tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat / sifat kolotna.
17. Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina = Boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
18. Wiwirang dikolong catang nya gedé nya panjang
Hartina =
Ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
19. Buruk – buruk papan jati
Hartina =
Sagoréng – goréng na dulur sorangan, moal téga nganteupkeun
mun aya
karerepet atawa menang
papait.
20. Hadé ku omong goréng ku omong
Hartina =
Dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng,
kudu dibadamikeun.
21. Umur gagadihan, banda sasampiran
Hartina =
Umur jeung harta banda hakékat na milik Allah
Swt.
22. Ungguh balé watangan
Hartina =
Di bawa ka pangadilan
23. Buburuh nyatu diupah béas
Hartina =
Meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu
sakola meunang béasiswa.
24. Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan,
anu édan dikendangan
Hartina =
Anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
25. Ari umur tunggang gunung, angen-angen
pecat sawed
Hartina =
Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora
26. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang
pasar
Hartina =
Jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan,
atawa robah-robah
tingkah
lakuna.
27. Cécéndét mandé kiara, cileuncang mandé
sagara
Hartina =
Nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
28. Adigung adiguna
Hartina =
Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
29.
Ambek nyedek tanaga midek
Hartina =
Ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meperdiri
napsu kapegung.
30. Ambekna sakulit bawang
Hartina =
Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh
sakeudeung.
Peh
BalasHapusKalo Kawas beubeulahan terong termasuk paribasa apa ya?
BalasHapusMungkin maksudnya bukan "Kawas Bebeulahan Terong" kak, tapi "Kawas terong dibeulah dua" artinya "Sarupa pisan, Euweuh bedana" (Indo : Sama Banget / Persis, Tidak Ada Bedanya) :)
HapusMaaf izin bertanya, kalau "ulah gindi pikir ari ka batur teh" itu termasuk paribasa wawaran luang atau bukan ya?
BalasHapusMaaf kak saya kurang tau :)
HapusCuma salahsatu contoh paribasa wawaran luang ada ini. "Ulah gindi pikir belang bayah" (Artinya : jangan berprasangka jelek) .
Kalau artinya "ngadek sacekna, nilas saplasna" apa ya?
BalasHapusSahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.
HapusMengatakan apa adanya tidak bohong dan melebih-lebihkan
"siga cai dina daun taleus" maksudnya apa ya kak
BalasHapus"Papatah anu taya tapakna, kalakuanana angger teu robah-robah" = Indo : kelakuan yang tidak bisa berubah.
HapusKudu leuleus jeujeur liat tali termasuk wawaran luang gk Kay?
BalasHapuskak arti dalam bahasa Indonesianya buruk buruk papan jati apa ya kak
BalasHapusMaknanya : seburuk-buruknya sifat saudara, atau sesalah-salahnya saudara tetaplah saudara.
HapusDijieun buntut hnteu ngepot naon hartina
BalasHapus