Minggu, 12 Agustus 2018

CONTO PARIBASA SUNDA WAWARAN LUANG BESERTA ARTINYA - OLEH WITA MEYDIANA


1.      Adat kakurung ku iga
Hartina                   = Adat atawa kabiasaan anu geus hese dipiceunna.
2.      Mihap hayam ka heulang
Hartina                   = Mihape atawa titip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
3.      Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran
Hartina                   = Mang pang meungpeung.
4.      lwak nangtang sujen.
Hartina                   = Wani nyorang pibahayaeun.
5.      Hulu gundul dihihidan.
Hartina                   = Nu keur untung tambah untung.
6.      Buruk-buruk papan jati
Hartina                   = Goreng-goreng oge dulur sorangan moal ngantep lamun meunang kasusah.
7.      Awewe dulang tinade
Hartina                   = Istrimah kudu nurut kasalaki
8.      Deukeut-deukeut anak taleus
Hartina                   = Deukeut tapi euweuh nu nyahoeun
9.      Dihin pinasti anyar pinanggih
Hartina                   = Takdir tos ditangtukeun ku Alloh
10.  Gede gunung pananggeuhan
Hartina                   = Boga andelan dulur beunghar.
11.  Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Hartina                   = Kahadean anu mangtaun-taun leungit kusakali kagorengan.
12.  Kawas bueuk meunang mabuk
Hartina                   = ngeluk tayatangan pangawasa
13.  Katempuhan buntut maung
Hartina                   = batur anu boga dosana, urang anu katempuhanana.
14.  Ayakan mah tara meunang kancra
Hartina                   = Usaha ku modal leutik, hasilna oge bakal gede.
15.  Mapatahan ngojay ka meri
Hartina                   = Mapatahan ka jalema anu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanna.
16.  Uyah mah tara tees ka luhur
Hartina                   = Tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat / sifat kolotna.
17.  Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina                   = Boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
18.  Wiwirang dikolong catang nya gedé nya panjang
Hartina                   = Ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
19.  Buruk – buruk papan jati
Hartina                   = Sagoréng – goréng na dulur sorangan, moal téga nganteupkeun mun aya
karerepet atawa menang papait.
20.  Hadé ku omong goréng ku omong
Hartina                   = Dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
21.  Umur gagadihan, banda sasampiran
Hartina                   = Umur jeung harta banda hakékat na milik Allah Swt.
22.  Ungguh balé watangan
Hartina                   = Di bawa ka pangadilan
23.  Buburuh nyatu diupah béas
Hartina                   = Meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang béasiswa.
24.  Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan
Hartina                   = Anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
25.  Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
Hartina                   = Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora
26.  Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar
Hartina                   = Jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah
                              tingkah lakuna.
27.  Cécéndét mandé kiara, cileuncang mandé sagara
Hartina                   = Nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
28.  Adigung adiguna
Hartina                   = Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
29.  Ambek nyedek tanaga midek
Hartina                   = Ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meperdiri napsu kapegung.
30.  Ambekna sakulit bawang
Hartina                   = Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

13 komentar:

  1. Kalo Kawas beubeulahan terong termasuk paribasa apa ya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Mungkin maksudnya bukan "Kawas Bebeulahan Terong" kak, tapi "Kawas terong dibeulah dua" artinya "Sarupa pisan, Euweuh bedana" (Indo : Sama Banget / Persis, Tidak Ada Bedanya) :)

      Hapus
  2. Maaf izin bertanya, kalau "ulah gindi pikir ari ka batur teh" itu termasuk paribasa wawaran luang atau bukan ya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Maaf kak saya kurang tau :)
      Cuma salahsatu contoh paribasa wawaran luang ada ini. "Ulah gindi pikir belang bayah" (Artinya : jangan berprasangka jelek) .

      Hapus
  3. Kalau artinya "ngadek sacekna, nilas saplasna" apa ya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.
      Mengatakan apa adanya tidak bohong dan melebih-lebihkan

      Hapus
  4. "siga cai dina daun taleus" maksudnya apa ya kak

    BalasHapus
    Balasan
    1. "Papatah anu taya tapakna, kalakuanana angger teu robah-robah" = Indo : kelakuan yang tidak bisa berubah.

      Hapus
  5. Kudu leuleus jeujeur liat tali termasuk wawaran luang gk Kay?

    BalasHapus
  6. kak arti dalam bahasa Indonesianya buruk buruk papan jati apa ya kak

    BalasHapus
    Balasan
    1. Maknanya : seburuk-buruknya sifat saudara, atau sesalah-salahnya saudara tetaplah saudara.

      Hapus
  7. Dijieun buntut hnteu ngepot naon hartina

    BalasHapus