1.
Adat
kakurung ku iga
Hartina = Adat atawa kabiasaan anu
geus hese dipiceunna.
2.
Mihap
hayam ka heulang
Hartina = Mihape atawa titip barang
ka nu geus kanyahoan teu jujur.
3.
Kokoro
manggih Mulud, puasa manggih Lebaran
Hartina = Mang pang meungpeung.
4.
lwak
nangtang sujen.
Hartina = Wani nyorang pibahayaeun.
5.
Hulu
gundul dihihidan.
Hartina = Nu keur untung tambah
untung.
6.
Buruk-buruk papan jati
Hartina = Goreng-goreng oge dulur
sorangan moal ngantep lamun meunang kasusah.
7.
Awewe dulang tinade
Hartina = Istrimah kudu nurut kasalaki
8.
Deukeut-deukeut anak taleus
Hartina = Deukeut tapi euweuh nu
nyahoeun
9.
Dihin pinasti anyar pinanggih
Hartina = Takdir tos ditangtukeun
ku Alloh
10.
Gede gunung pananggeuhan
Hartina = Boga andelan dulur beunghar.
11.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
Hartina = Kahadean anu mangtaun-taun
leungit kusakali kagorengan.
12.
Kawas bueuk meunang mabuk
Hartina = ngeluk tayatangan pangawasa
13. Katempuhan buntut maung
Hartina = batur anu boga dosana,
urang anu katempuhanana.
14.
Ayakan mah tara meunang kancra
Hartina = Usaha ku modal leutik,
hasilna oge bakal gede.
15.
Mapatahan
ngojay ka meri
Hartina = Mapatahan ka jalema anu
leuwih loba kanyahona jeung pangalamanna.
16. Uyah mah tara tees ka luhur
Hartina = Tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat / sifat kolotna.
17. Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina = Boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
18. Wiwirang dikolong catang nya gedé nya panjang
Hartina =
Ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
19. Buruk – buruk papan jati
Hartina =
Sagoréng – goréng na dulur sorangan, moal téga nganteupkeun
mun aya
karerepet atawa menang
papait.
20. Hadé ku omong goréng ku omong
Hartina =
Dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng,
kudu dibadamikeun.
21. Umur gagadihan, banda sasampiran
Hartina =
Umur jeung harta banda hakékat na milik Allah
Swt.
22. Ungguh balé watangan
Hartina =
Di bawa ka pangadilan
23. Buburuh nyatu diupah béas
Hartina =
Meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu
sakola meunang béasiswa.
24. Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan,
anu édan dikendangan
Hartina =
Anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
25. Ari umur tunggang gunung, angen-angen
pecat sawed
Hartina =
Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora
26. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang
pasar
Hartina =
Jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan,
atawa robah-robah
tingkah
lakuna.
27. Cécéndét mandé kiara, cileuncang mandé
sagara
Hartina =
Nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
28. Adigung adiguna
Hartina =
Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
29.
Ambek nyedek tanaga midek
Hartina =
Ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meperdiri
napsu kapegung.
30. Ambekna sakulit bawang
Hartina =
Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh
sakeudeung.